Wawacan Babad Galuh Asal-Usul Ngaran Kawali (Pangkur & Sinom)

0

 Wawacan Babad Galuh Asal-Usul Ngaran Kawali 

(Pangkur & Sinom)



Imajiner Nuswantoro



Pangkur


Nyai Ujung Sekarjingga, didangdanan beuteungna maké kawali, jiga nu

reuneuh nyemplu, dicandak ka payunan, disandingkeun calikna deukeut ka ratu,

kocap Ajar Patih datang, geus aya payuneun gusti.


Lajéng Ajar téh haturan, jisim abdi ngahaturkeun pangabakti, éta rupina

sakitu, lajéng Ratu mariksa, éta naon geuning kawas rupa daun, pék Ki Ajar téh

haturan, reundeu asal ti nu ngirim.


Lamun kitu mah petana, manéh Ajar méré seredan ka aing, Ratu beuki

tambah bendu, manéh Ajar kawasa, cing seug taksir mangkéna ngajuru, ieu

pamajikan urang, medal pameget ta istri.


Ratu ngandika ka Ajar, ieu kasakit ku manéh kudu leungit, manéh anu

nyieun kitu, Ajar henteu tarima, teu mupakat pada jalma nyieun kitu, wondéning

kudu walaras, éta sagala panyakit.


Sugan baé katarima, sembah puji ka Pangéran sajati, miwah kangjeng

pararosul, ngan éta Nu kawasa, ngaleungitkeun kana sagalaning mahluk, nu

aya di alam dunya, di lahir reujeung di batin.


Ajar tuluy ngawalonan, nun sumuhun perkawis pariksa Gusti kumaha

kersana ratu, menggah taksiran abdi mah, ari babar mangké éta Nyai Ujung,

geus kantenan moal cidra, putrana éta lalaki.


Ratu gancang ngabebenda, Ajar manéh téh henteu sayakti, ayeuna kudu

dihukum, sababna hatur dora, lain reuneuh enya sotéh éta nyemplu, meunang

kami ngadandanan, dititah ngandung kawali.


Tuluy Ajar seuseurian, henteu pisan aya suker saeutik, kajeun teuing Ratu

bendu, manéhna henteu susah, da geus tangtu éta kersana Yang Agung, moal

beunang diowahan, budakna medal lalaki




Sinom


Cing ayeuna geura buka, ku kami sing katingali, barang brak dibarukaan,

kawali henteu kapanggih, enggeus leungit tanpa lebih, kantun beuteung Ujung

nyemplu, lajeng reuneuh sayaktosna, héran kabéh nu ningali, tambah-tambah

ratu bendu sarta wirang.


Éta kawali didupak, ku Ajar keur waktu tadi, saméméhna dibukaan, ku Ajar

enggeus ditarik, ninggangna ka sisi cai, dina sakuloneun lembur, ngaranna téh

Selapanjang, mana disebut Kawali, mana éta kitu tina caritana.


Tuluy Ajar dibuburak, ku Ratu dititah balik, barang Ajar enggeus mulang,

Ratu nimbalan ka Patih, éh Patih jeung paramantri, geuwat ku manéh sarusul,

Ajar téh geura paéhan, cacag mangka bijil peujit, tuluy budal Patih reujeung

balad-balad.


Ajar kasusul di jalan, direjeng ku paramantri, dicacag ditarumbakan, tapi

teu mental sahiji, keris tumbak reujeung bedil, kabéh éta mararintul, taya nu

néwek pisan, tuluy Ki Patih ngalahir, kersa Ratu Ajar kudu dipaéhan.


Ditumbak kudu getihan, sarta kudu tijumpalik, éh kutan kitu kersana,

sumangga baé Ki Patih, mana kitu enggeus jangji, da kitu kersana Ratu, tuluy

Ajar téh ditumbak, sarta barijilan getih, tapi éta getih téh hérang kacida.





Sumber referensi :    

Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XII





Imajiner Nuswantoro 

Posting Komentar

0Komentar
Posting Komentar (0)